PANGAJARAN
3
ISTILAH
ARSITEKTUR
1. Wangun
suhun
a. Julung
Ngapak; Wangun suhunan anu handapna kenca katuhu lewih meber, dipapandekan kana
jangjang manuk julang anu keur ngalayang.
b. Jogo
Anjing; Wangun suhunan anu rata sarta bagian tukangna lewih handap ti bagian
hareupna, dipapandekan kana anjing anu keur ngajogo.
c. Budak
heuay; bangun suhunan anu rata sarta bagian tukangna leuwih lewih jiga suhunan jogo anjing, ngan di bagian
harepna make sorondoy deui nepi ka tembong ti gigir dipapandekeun kana budak nu
keur heuay.
d. Parahu
Kumureb; Wangun suhunan panjang anu tungtungna make jure, nepi ka katembong
jiga parahu anu kureb (nangkub)
e. Suhunan
jolopong; wangun suhunan anu tungtungna teu make jure, sok disebut oge suhunan
panjang.
f.
Suhunan Limasan; Wangun suhunan pasagi anu
make jure, katembongna saperti limas.
2. Ngaran
wangunan jeung fungsina
a. Asrama;
tempat ngarereb saheulaanan pikeun tentara, budak sakola, nu keur laihan atawa
diajar ngeunaan hiji hal`
b. Balandongan;
wangunan saheulaanan paranto olah-olah, atawa hiburan anu dinu kariaan.
c. Bale
desa; kantor pamarentah keur tempat ngumpul masyarakat di tingkatan desa.
d. Balekota;
tempat ngantorna walikota.
e. Bedeng;
tempat matuhna pagawe di perkebunan.
f.
Banteng; adegan pikeun nahan panarajangan
musuh.
g. Garduh;
adegan basajan anu paragi ngajaga lingkungan (pos ronda)
h. Gosali;
tempat digade pandai (sepuh)
i.
Imah; tempat matuh jelma.
j.
Jongko; adegab vasajan paranti anu dagang
di pasar.
k. Karaton;
tempat cicingna raja atawa putri.
l.
Klinik; tempat ngubaran nu gering.
3. Ngaran
pakandangan
a. Gedongan;
kandang kuda
b. Kandang
domba; tempat ngampihkeun domba
c. Kandang
sapi; tempat ngampihkeun sapi.
d. Karamba;
tempat miara lauk di walungan.
e. Karapyak;
tempat ngampihan muding.
f.
Kurung manuk; tempat ngandangan manuk
g. Pagupon;
tempat ngampihan japati
h. Paranje; tempat ngampihan hayam