Jumat, 24 Juli 2020

kelas 9 PANGAJARAN 3 (istilah arsitektur)

PANGAJARAN 3

ISTILAH ARSITEKTUR

 

1.      Wangun suhun

a.       Julung Ngapak; Wangun suhunan anu handapna kenca katuhu lewih meber, dipapandekan kana jangjang manuk julang anu keur ngalayang.

b.      Jogo Anjing; Wangun suhunan anu rata sarta bagian tukangna lewih handap ti bagian hareupna, dipapandekan kana anjing anu keur ngajogo.

c.       Budak heuay; bangun suhunan anu rata sarta bagian tukangna leuwih lewih  jiga suhunan jogo anjing, ngan di bagian harepna make sorondoy deui nepi ka tembong ti gigir dipapandekeun kana budak nu keur heuay.

d.      Parahu Kumureb; Wangun suhunan panjang anu tungtungna make jure, nepi ka katembong jiga parahu anu kureb (nangkub)

e.       Suhunan jolopong; wangun suhunan anu tungtungna teu make jure, sok disebut oge suhunan panjang.

f.        Suhunan Limasan; Wangun suhunan pasagi anu make jure, katembongna saperti limas.

2.      Ngaran wangunan jeung fungsina

a.       Asrama; tempat ngarereb saheulaanan pikeun tentara, budak sakola, nu keur laihan atawa diajar ngeunaan hiji hal`

b.      Balandongan; wangunan saheulaanan paranto olah-olah, atawa hiburan anu dinu kariaan.

c.       Bale desa; kantor pamarentah keur tempat ngumpul masyarakat di tingkatan desa.

d.      Balekota; tempat ngantorna walikota.

e.       Bedeng; tempat matuhna pagawe di perkebunan.

f.        Banteng; adegan pikeun nahan panarajangan musuh.

g.      Garduh; adegan basajan anu paragi ngajaga lingkungan (pos ronda)

h.      Gosali; tempat digade pandai (sepuh)

i.        Imah; tempat matuh jelma.

j.        Jongko; adegab vasajan paranti anu dagang di pasar.

k.      Karaton; tempat cicingna raja atawa putri.

l.        Klinik; tempat ngubaran  nu gering.

3.      Ngaran pakandangan

a.       Gedongan; kandang kuda

b.      Kandang domba; tempat ngampihkeun domba

c.       Kandang sapi; tempat ngampihkeun sapi.

d.      Karamba; tempat miara lauk di walungan.

e.       Karapyak; tempat ngampihan muding.

f.        Kurung manuk; tempat ngandangan manuk

g.      Pagupon; tempat ngampihan japati

h.      Paranje; tempat ngampihan hayam

kela 9 PANGAJARAN 2 (mamanis basa)

PANGAJARAN 2

MAMANIS BASA

 

Mamanis basa mindeng kapanggih dina Biantara, Khutbah, atawa Karya Sastra. Aya anu maksudna pikeun ngantebkeun eusi anu di tepikeun, aya oge anu mangrupa panyari wungkul sangkan anu di tepikeun teh lewih anteb sarta ngenah kadengena.

Ari anus ok dipake mamanis basa teh di antarana Babasaan, Paribasa, Purwakanti, jeung Sisindiran;

1.      Conto anu tina BABASAAN

…….. mugia bangblas, saur babasaan tea mah mugia “BALUNGBANG TIMUR, JALAN GEDE SASAPUAN, CAANG BULAN OPATBELAS”……….

2.      Conto anu tina PARIBASA

……. Hapunten sim kuring teh sanes bade ‘MAPATAHAN NGOJAY KA MERI,” nanging aya sawatawis perkawis anu hoyong di dugikeun……….

3.      Conto anu tina PURWAKANTI

……….. bilih aya cariosan anu “PONDOK NYOGOK, PANJANG NYUGAK”, maklum sanes ahlina………

4.      Conto anu mangrupa SISINDIRAN (wawangsalan jeung paparikan)

a.       Wawangsalan; ……..sim kuring ngahaturkeun wilujeng su ping, “TUTUT GUNUNG KEONG REUMA, SUMANGGA GEURA GEK CALIK”……

b.      Paparikan; ………. Moal seer anu kapicatur “SANINTEN BUAH SANINTEN, DI BANTUN KA PARAPATAN, HAPUNTEN ABDI HAPUNTEN, BILIH AYA KALEPATAN”……

kelas 9 PANGAJARAN 1 (biantara)

PANGAJARAN 1

BIANTARA

 

Biantara teh nya eta nyarita atawa ngomong di harepen balarea.

Upama di tilik tina eusi jeung adeganna, biantara teh diwangun ku tilu bagean, nyaeta;

a.       Bubuka Biantara; bagian anu eusina ngucapkeun salam jeung sanduk-sanduk atawa papalaku kanu hadir.

b.      Eusi Biantara; bagian anu biasana ngebrehkeun atawa ngajekaskeun pamaksadan biantara.

c.       Punutup Biantara; anu eusina mangrupa sanduk-sanduk atawa papalaku, sarta dipamungkas ku salam.

 

Padika Biantara

Hal anu kudu diperhatikeun upama urang biantara;

a.       Sora; Sorana kudu bedas sarat bentes sangkan kadenge kunu hadir

b.      Lentong; Lentongna kudu mernah, ulah nepi ka kajadian, ai biantara Basa Sunda, ai lentong Basa Indonesia.

c.       Wirahma; Wirahma teh patalina jeung gancang launna sora keur biantara.

d.      Nada; Nada patalina jeung eusi unggal bagian biatara. Upama eusina pikasediheun, tangtu bae kudu dikedalkeun ku rasa sedih, jeung sabalikna. Ulah tepi ka eusi biatara pikasediheun, tapi urang macakeunna bari bubungahan.

e.       Paroman; Atawa paseemon biatara kudu di luyukeun jeung eusi biantara anu dikedalkeun.

f.        Pasang Peta; Pasang peta dina biatara mah teu kudu leuwih, biasana ngan gerak lengen nuturkeun wirahma jeung nada biatara anu dikedalkeun, cukup ku gestur.

Teknik biantar;

a.       Teknik maca; Nya eta teknin anu ngagunakeun teks (naskah).

b.      Teknik nyatetkeun inti biatara; Nya eta teknik anu nyatetkeun piomongen atawa hal-hal anu penting rek di tepikeun.

c.       Teknik nalar; Nya eta teknik biantara anu henteu ngagunakeun teks, di talar satimu-timu harita.

Selasa, 21 Juli 2020

kelas 8 PANGAJARAN 3 (warna kalimah)


WARNA KALIMAH

1.      Kalimah Barang; nya eta kalimah anu caritanna mangrupa kecap barang
Jejer
Caritaan
Katerangan
Pa Arief
Guru
Basa Sunda
Ibu Ai
Kepala Sakola
SMP Negeri 2 Kemang
2.      
      Kalimah Pagawean; nya eta kalimah anu caritaana mangrupa kecap pagawean
Jejer
Caritaan
Katerangan
Pa Bupati
Ngaresmikeun
Kebon Raya Bogor
Pa Arief
Diwawancara
Di Sakolaan
3.   
          Kalimah Sipat; nya eta kalimah anu caritanna mangrupa kecap sipat
Jejer
Caritaan
Katerangan
Pa Bupati
Tegas

Kebon Raya Bogor
Dipikaresep
Ku balarea
4.    
          Kalimah Bilangan; nya eta kalimah anu caritanna mangrupa kecap bilangan
Jejer
Caritaan
Katerangan
Nu pariknik
Aya rebuan

Sawah Pa Arief
Aya sapuluh hektar



Senin, 20 Juli 2020

kelas 8 PANGAJARAN 4 (sisindiran)

SISINDIRAN
Sisindiran diwangun ku RARAKITAN, PAPARIKAN, jeung WAWANGSALAN
RARAKITAN
Rarakitan di wangun ku cangkang jeung eusi, lobana cangkang sarua jeung lobana eusi, rarakitan dina sapada diwangun ku opat padalisan, padalisan kahiji jeung ka dua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung ka opat mangrupa eusi.
Unggal padalisan di wangun 8 engang;
Sing-ge-tol-ngi-num-ja-ja-mu (cangkang)
Nu-gu-na-ngu-at-keun-u-rat (cangkang)
Sing-ge-tol-ne-ang-an-el-mu (eusi)
Nu-gu-na-du-nya-a-he-rat (eusi)
Anu matak di sebut RARAKITAN, ku lantaran kecap MIMITI padalisan kahiji CANGKANG, sarua jeung kecap MIMITI dina padalisan kahiji EUSI.

PAPARIKAN
Paparikan diwangun cangkang jeung eusi, lobana cangkang sarua jeung lobana eusi. Paparikan di wangun ku opat padalisan, padalisan kahiji jeung ka dua mangrupa cangkang, padalisan ka tilu jeung ka opat eusi.
Unggal padalisan di wangun ku 8 engang;
a-ya-me-ri-di-na-ra-kit (cangkang)
bo-bo-ko-wa-dah-ba-ka-tul (cangkang)
la-in-nye-ri-ku-pa-nya-kit (eusi)
ka-bo-goh-di-re-but-ba-tur (eusi)
Anu matak di sebut PAPARIKAN, ku lantaran padeket sorana antara cangkang jeung eusina. PADALISAN kahiji CANGKANG padeket sorana jeung PADALISAN kahiji EUSI, PADALISAN kadua CANGKANG padeket sorana jeung PADALISAN kadua EUSI.

WAWANGSALAN
Wawangsalan diwangun ku dua padalisan dina sapadana. Padalisan kahii mangrupa cangkang, padalisan ka dua mangrupa eusi
Unggal padalisan di wangun ku 8 engang;
be-lut-si-sit-sa-ba-da-rat (cangkang)
ka-pi-ra-ray-si-ang-we-ngi (eusi)

kelas 8 PANGAJARAN 2 (warta)

WARTA (BERITA)
Warta teh nya eta katerangan atawa bejangeunaan hiji kajadian atawa hiji hal anu ditepikeun ka balarea ngaliwatan media massa, boh media cetak. Dina seuhseuhannana warta dijieun dina wangun tinulis, sabab anu ditepikeunna sacara lisan oge ari dasarna mah warta dina wangun tinulis.

Dina warta aya unsur-unsur anu di sebut 5W+1H, nya eta:
Who (saha)
What (naon)
Why (ku naon)
Where (dimana)
When (iraha)
How (kumaha)

Upama di tilik tina adeganna, warta diwangun ku puhu warta jeung eusi warta. Puhu wartangebrehkeun inti atawa poko-poko tina sagemlengna warta, ari eusi warta mangrupa wincik atawa katerangan tina inti warta anu aya dina bagean puhu warta.

kelas 8 PANGAJARAN 1 (kecap rajekan)

KECAP RAJEKAN

Kecap rajekan, nya eta kecap rajekan anu wangun dasarna disebut dua kali atawa lewih, boh sabagian boh sagemlengna; boh sorana angger boh sorana robah.

Kecap Rajekan Dwipurwa
Nya eta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna.
Conto; Buntut = Bubuntut

Kecap Rajekan Dwimadya
Nya eta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebutna dua kali engang di tengah-tengah wangun dasarna.
Conto; Sabaraha = Sababaraha

Kecap Rajekan Dwilingga
Nya eta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna sagemlengna. Sorana aya oge anu robah, aya oge anu angger.
Conto; Aki = Aki-aki
Tulang = Tulang-Taleng

Kecap Rajekan Dwimurni
Nya eta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari sorana angger`
Conto; Aki = Aki-aki
Kecap Rajekan Dwireka
Nya eta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari sorana robah.
Conto; Tulang = Tulang-taleng

Kecap Rajekan Trilingga
Nya eta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana.
Conto; HAH = HAH-HEH-HOH

BAB 4 Menyibak Ilmu dalam Laporan Hasil Observasi (Lanjutan)

  Menelaah Bahasa pada Teks Laporan Hasil Observasi 1. Mendaftar istilah pada teks hasil observasi: Istilah adalah kata atau gabungan kat...