Minggu, 24 Januari 2021

PANGAJARAN 5 ISTILAH TUTUWUHAN (IX/II) ....Lanjutan


4.      KEMBANG, bagian tatangkalan anu biasana sok jadi buah, loba anu alus rupana jeung seungit, istilah anu patalina jeung kembang, nya eta:

1.      Kamanilan : kemang mimiti, beukah can alus

2.      Ligar : daun kembang maruragan

3.      Kudu : kuncup keneh

4.      Mangkak : daun kembang mekar

5.      Sintung : kalokop mayang

6.      Jantung ; kembang cau

7.      Alewoh : kembang waluh

8.      Ancal : kembang teleus

9.      Badas : kembang tiwu

10.  Bolotot : kembang cabe

11.  Bosongot : kembang bako

12.  Bubuay : kembang hoe

13.  Eumbreuk : kemabang awi

14.  Jamotrot : kembang laja

15.  Olohok : kembang kadu

5.      BUAH, bagian tutuwuhan anu asalana tina kembang, anu patalina jeung buah nya eta:

a.       Tongtolang : pentil buah nangka

b.      Pakel : pentil buah mangga

c.       Cengkir : pentil buah kalapa

d.      Pentil buah jagong

e.       Gadong : buah gintung

f.       Jebug : jambe kolot

g.       Caruluk : bauh kawung

h.      Langokok : buah kiray

i.        Banda : buah teureup

j.        Gumading : gedang nu rek asak

k.      Lumeho :dawegan ker memejehna jiga leho

l.        Lumiat : jengkol ker memejehna liat

m.    Humaseum : buah ker memejehna haseum keneh tapi tereh ka asak

PANGAJARAN 5 ISTILAH TUTUWUHAN (IX/II)

 

1.      AKAR, bagian tutuwuhan anu umumna aya di jero taheuh, istilah anu aya patalina jeung akar nya eta:

a.       Akar pancer : akar tengah nu terus ka handap

b.      Akar mayang : akar anu eweh akar panceran

c.       Canir : akar anu rubak nyerengkebeng

d.      Jangkar : akar anu tembong luhureun taneuh

e.       Beuti : akar anu nagbenggul sarta dagingan

2.      TANGKAL, bagian tutuwuhan anu panggedena, istilah anu patalina jeung tangkal, nya eta:

a.       Badogol : tangkal cau bagian pang jerona anu kalokop ku gebog

b.      Catang : tangkal anu geus ngagoler, lantaran runtuh atawa di tuar

c.       Dahan : bagian tutuwuhan anu bijil tina tangkal luhureun taneuh asalna tina sirung

d.      Buku : bagian antara dua ruas tangkal awi, tiwu, jeung sajabana

e.       Galeuh : bagian tangkal kai tengah –tengahna anu biasana beda warna jeung bagian pangteuasna

3.      DAUN, bagian tutuwuhan anu lambaran, istilah anu patalina jeung daun, nya eta:

1.      Barangbang : baralak, daun kalapa anu garing dina tangkalna

2.      Janur : pucuk kalapa anu semu koneng keneh

3.      Kalakay : daun nu geus garing

4.      Kararas : daun cau anu geus garing

5.      Nyere : urat daun kalapa atawa daun kawung

6.      Palapah : gagang daun anu panjang sarta rubak atawa buleud

7.      Tangkay : gagang daun

8.      Pucuk : daun ngora

PANGAJARAN 5 DRAMA (IX/II)

 Drama teh nya eta carita atawa loka anu diwujudkeun dina wangun paguneman, maksudna pikeun dipintonkeun. Anu kaasup garapan sastra dina drama teh nyaeta naskahna anu jadi dadasar pinton drama.

 

Karangan drama teh miboga rupa-rupa ciri, nya eta drama gegedena ngagunakeun kalimah langsung, nya eta kalimah anu dikedalkeun ku palaku, dina drama anu jadi palakuna lewih ti saurang gelarna paguneman teh mangrupa omongan palaku anu silitempas.

Salian ti eta dina karangan drama aya bagian anu nerangkeun tingakah palaku, latar tempat, jeung latar waktu.

 

Pangarang naskah drama jeung karya-karyana anu gelar dina sastra sunda, diantarana:

1.      Yosep Iskandar (sirung pajajaran, juag toed, tanjeur pajajaran)

2.      R. Hidayat Suryalaga (tambang, raja wales, harewos gaib, nu jaradi korban)

3.      Wahyu Wibisana (tukang asahan, tongeret banten)

4.      Ajip Rosidi (masyitoh)

5.      Ahmad Bakri (rajapati, lebe kabayan)

6.      Utuy Tatang Sontani (sangkuriang)

7.      Ibing Kusmayatna (juragan hajat)

8.      Nazaruddin Azhar (jeblog, cangkilung, satru, anteh)

9.      Dadan Sutisna (baruang, budah si narko, nagara angar)

10.  Dhipa Galuh Purba (pajaratan cinta, duriat bejat, seksa, badog, nyi bagendit gugat)

PANGAJARAN 4 PARIBASA JEUNG BABASAAN (IX/II)

 PARIBASA, nya eta: babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah (omongan, ungkara) anu geus puguh entep seureuhna, ges puguh surupanana, geus puguh pok-pokanana.

 

Dumasar kana maksud anu dikandung, paribasa di pasing-pasing jadi tilu golongan, nya eta :

a.       PARIBASA WAWARAN LUANG, eusina ngebrehkeun pangalaman anu geus lumrah di masyarakat.

Conto : ayakan mah tara meunang kancra... Artina: usaha ku modal leutik, hasilna oge moal gede.

b.      PARIBASA PANGJURUNG LAKU HADE, eusina mangrupa pangjurung pikeun milampah kahadean.

Conto : kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan... Artina : kudu junun ari digawe, ulah kabengbat kunu lain-lain.

c.       PARIBASA PANYARAM LAMPAH SALAH, eusina mangrupa panyaram sangkan ulah migawe pagawean anu mantak rugi, boh keur dirina sorangan atawa batur.

Conto : cul dogdog tinggal igel... Artina : ninggalkeun pagawean baku, milampah pagawean  nu taya hartina

 

BABASAAN, nya eta: ungkara basa anu dipake harti injeumanana sarta eusina mangrupa babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, jeung pasipatan jelma.

Conto : “Si Uday mah gede hulu, abong-abong anak jalma beunghar”

Hartina kecap GEDE HULU di luhur, lain hulu Si Uday Gede,,, tapi ngandung harti  “Si Uday teh sombong kulantaran anak jalma beunghar”

 

Bedana BABASAAN jeung PARIBASA nya eta : babasaan mah wangun kecap kantetan, ari paribasa mah wangun kalimah

PANGAJARAN 4 PAKEMAN BASA (IX/II)

PAKEMAN BASA (idiom), nyaeta: ungkara basa anu kekecapanna geus matok, puguh entep seureuhna, sarta miboga harti anu beda jeung herti kecap aslina. Salian tina PARIBASA, anu kaasup kana pakeman basa dina basa sunda teh nya eta, BABASAAN, CACANDRAN, UGA, RAKITAN DALIT, jeung CATURANGGA.

 

1.      PARIBASA, nya eta: babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah (omongan, ungkara) anu geus puguh entep seureuhna, ges puguh surupanana, geus puguh pok-pokanana.

Conto:

a.       Monyet ngagugulung kalapa

b.      Lauk buruk milu mijah

c.       Cul dog dog tinggal igel

d.      Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

2.      BABASAAN, nya eta: ungkara basa anu dipake harti injeumanana sarta eusina mangrupa babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, jeung pasipatan jelma

Conto :

a.       Amis budi

b.      Gede hulu

c.       Hulu peutieun

d.      Asa ditonjok congcot

3.      CACANDRAN, nya eta: pakeman basa anu eusina mangrupa tujuman anu nataan atawa nerangkeun kaayaan hiji daerah.

Conto :

a.       Bandung heurin ku tangtung

b.      Sukapura ngadaun ngora

c.       Galunggung ngadeg tumenggung

d.      Cianjur katalanjuran

4.      UGA, nya eta: pakeman basa mangrupa siloka anu eusina tujuaman kana parobahan peuting kaayaan nagara dina hiji mangsa anu bakal kasorang.

Conto :

a.       Sunda nanjung lamun anu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui

b.      Nagara kartaraharja lamun lebak cawene geus kapanggih

5.      CATURANGGA, nya eta: pakeman basa anu patali jeung tanda-tanda pikeun nganyahokeun hade gorengna watek kuda.

Conto :

a.       Satria kinayungan

b.      Sekar panggung

c.       Sumur bandung

d.      Buaya ngangsar

6.      RAKITAN DALIT, nya eta: pakeman basa anu dihartikeun ku kabiasaan make dadasar kalantipan.

Conto :

a.       Ngasurkeun seuneu

b.      Seungit nu ngagoreng bawang

c.       Miceun tampolong

d.      Ngeusian bak

PANGAJARAN 6 KECAP KANTETAN (VIII/II)

 

Kecap Kantetan teh nya eta: kecap anu diwangun ku cara ngentetkeun kecap jeung kecap, kecap jeung cakal, atawa cakal jeung cakal.

 

1.      Kantetan kecap jeung kecap: Lemah Cai, Rampak Sekar, Hejo Tihang.

2.      Kantetan cakal jeung cakal: Adug Lajer, Pakan Kundang, Adug Songkol

3.      Kantetan kecap jeung cakal: Kurang Ajar, Garo Singsat, Anjang Sono, Kagok Asong

4.      Kantetan kecap jeung morfem unik: Lulus Banglus, Sabadarana, Hese Beleke

 

Cakal : wangun basa pangleutikna anu teu bisa madeg mandiri, sarta kakara boga harti mandiri lamun geus ngaliwatan proses morfologis.

Morfem Unik : wangun basa pangleutikna anu ngan bisa madeg mandiri upama dikantetkeun jeungkecap anu tangtu.

PANGAJARAN 6 PANATA ACARA (VIII/II)

 

Panata acara disebut oge protokol atawa MC (master of ceremony) dina basa Indonesia disebut pembawa acara. Panata acara teh miboga pancen pikeun ngatur acara resmi. Dina kagiatan sapopoe acara anu diatur ku panata acara teh diantarana: Pagembungan, rapat, sawala, ceramah jeung sajabana.

 

Hal anu kudu diperhatikeun upama hidep jadi panata acara:

1.      Kudu apal kana acara anu rek dilaksanakeun.

2.      Kudu nyaho saha anu baris hadir dina eta acara.

3.      Kudu apal runtuyan acara sagemlengna.

Dina rapat, gempungan atawa ceramah susunan acarana teh biasana sok:

1.      Bubuka

2.      Biantara poko

3.      Tanya jawab

4.      Ngasongkeun rumusan hasil rapat

5.      Ppanutup

Dina prakna, aya sawatara hal anu kudu dipalire upama urang jadi panata acara di antarana:

1.      Sorana dudu bedas jeung bentes

2.      Lentong jeung wirahmana mernah

3.      Miboga pangaweruh anu jembar ngeunaan materi acara anu ditepikeun

4.      Miboga kamampuh ngareka basa pikeun bungbu pangurit

5.      Surti kana suasana jeung kahayang hadirin

6.      Miboga sikep hade

7.      Miboga kamampuhan pikeun ngahirupkeun suasana.

PANGAJARAN 5 HARTI SAUJRATNA JEUNG HARTI INJEUMAN (VIII/II)

 Harti SAUJRATNA nyaeta harti SABENERNA (denotatif)

Harti INJEUMAN nyaeta harti  KIASAN (konotatif)

Conto

1.      Caang ati ari PERSIB meunang teh

(Kecap CAANG dina kalimah di luhur ngandung harti INJEUMAN)

2.      Kurang caang lampu teh, da ukur lima watt

(Kecap CAANG dina kalimah di luhur ngandung harti SAUJRATNA)

PANGAJARAN 5 GUGURITAN (VIII/II)

GUGURITAN nyaeta: Karangan anu ditulis dina wangun PUPUH. Ku lantaran heunteu panjang, biasana mah ditulisna dina hiji pupuh, henteu gunta-ganti pupuh cara wacana

 

Ku lantaran ditulis dina wangun pupuh, tangtu wae kudu nyaho patokan-patokan pupuh anu ngewengku kana GURU LAGU, GURU WILANG, jeung jumlah PADALISAN dina SAPADA.

 

1.      GURU LAGU              : Huruf Vokal (A I U E O, EU)

2.      GURU WILANG         : Jumlah Suku Kata

3.      PADALISAN               : Baris

4.      PADA                          : Bait

 

Jumlah PUPUH kabehna aya 17, nyaeta: KINANTI, ASMARANDANA, SINOM, DANGDANGGULA, MASKUMAMBANG, PUCUNG, MIJIL, DURMA, PANGKUR, MAGATRU, LADRANG, BALAKBAK, GURISA, GAMBUH, WIRANGRONG, LAMBANG, jeung JURUDEMUNG. Ungggal PUPUH miboga patokan  katut watek anu beda-beda, tangtu cara nembangknna oge beda-beda.

 

Conto Patokan PUPUH DURMA

 PUPUH DURMA dina SAPADAna diwangun ku tujuh PADALISAN

GURU LAGU jeung GURU WILANGna (12a – 7i – 6a – 7a – 8i – 5a – 7i)

 

Padalisan hiji               12a      : u – rang – sun – da – mah – mi – ka – nya – ah – mi – ka – cin – ta

Padalisan dua               7i         : deu – deuh – geu – geut – ka – per – sib

Padalisan tilu               6a        : di – pu – ji – di – pu – ja

Padalisan opat              7a        : per – sib – nu – sa – re – re – a

Padalisan lima              8i         : per-sib-nu-ku-ring-nu-ab-di

Padalisan genep           5a        : nu-u-rang-sun-da

Padalisan tujuh            7i         : nu-u-ing-nu-si-la-ing

 

Conto Patokan PUPUH MIJIL

 PUPUH MIJIL dina SAPADAna diwangun ku genep PADALISAN

GURU LAGU jeung GURU WILANGna (10i – 6o – 10e – 10i – 6i – 6u)

 

Padalisan hiji               10i       : si-pat-jal-ma-a-dat-ma-sing-ma-sing

Padalisan dua               6o        : nu-ra-jin-nu-ge-tol

Padalisan tilu               10e      : nu-ba-la-bah-so-me-ah-da-reh-deh

Padalisan opat              10i       : wi-jak-sa-na-tu-la-ten-gu-ma-ti

Padalisan lima              6i         : lan-tip-a-mis-bu-di

Padalisan genep           6u        : am-puh-lung-guh-tim-puh

BAB 4 Menyibak Ilmu dalam Laporan Hasil Observasi (Lanjutan)

  Menelaah Bahasa pada Teks Laporan Hasil Observasi 1. Mendaftar istilah pada teks hasil observasi: Istilah adalah kata atau gabungan kat...