Drama teh nya eta carita atawa loka anu diwujudkeun dina wangun paguneman, maksudna pikeun dipintonkeun. Anu kaasup garapan sastra dina drama teh nyaeta naskahna anu jadi dadasar pinton drama.
Karangan drama teh miboga rupa-rupa ciri, nya eta drama
gegedena ngagunakeun kalimah langsung, nya eta kalimah anu dikedalkeun ku
palaku, dina drama anu jadi palakuna lewih ti saurang gelarna paguneman teh mangrupa
omongan palaku anu silitempas.
Salian ti eta dina karangan drama aya bagian anu
nerangkeun tingakah palaku, latar tempat, jeung latar waktu.
Pangarang naskah drama jeung karya-karyana anu gelar dina
sastra sunda, diantarana:
1.
Yosep Iskandar (sirung pajajaran, juag toed, tanjeur
pajajaran)
2.
R. Hidayat Suryalaga (tambang, raja wales, harewos gaib,
nu jaradi korban)
3.
Wahyu Wibisana (tukang asahan, tongeret banten)
4.
Ajip Rosidi (masyitoh)
5.
Ahmad Bakri (rajapati, lebe kabayan)
6.
Utuy Tatang Sontani (sangkuriang)
7.
Ibing Kusmayatna (juragan hajat)
8.
Nazaruddin Azhar (jeblog, cangkilung, satru, anteh)
9.
Dadan Sutisna (baruang, budah si narko, nagara angar)
10. Dhipa
Galuh Purba (pajaratan cinta, duriat bejat, seksa, badog, nyi bagendit gugat)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar