GUGURITAN nyaeta: Karangan anu ditulis dina wangun PUPUH. Ku lantaran heunteu panjang, biasana mah ditulisna dina hiji pupuh, henteu gunta-ganti pupuh cara wacana
Ku lantaran ditulis dina wangun pupuh, tangtu wae kudu
nyaho patokan-patokan pupuh anu ngewengku kana GURU LAGU, GURU WILANG, jeung
jumlah PADALISAN dina SAPADA.
1.
GURU LAGU :
Huruf Vokal (A I U E O, EU)
2.
GURU WILANG :
Jumlah Suku Kata
3.
PADALISAN :
Baris
4.
PADA :
Bait
Jumlah PUPUH kabehna aya 17, nyaeta: KINANTI, ASMARANDANA,
SINOM, DANGDANGGULA, MASKUMAMBANG, PUCUNG, MIJIL, DURMA, PANGKUR, MAGATRU,
LADRANG, BALAKBAK, GURISA, GAMBUH, WIRANGRONG, LAMBANG, jeung JURUDEMUNG.
Ungggal PUPUH miboga patokan katut watek
anu beda-beda, tangtu cara nembangknna oge beda-beda.
Conto
Patokan PUPUH DURMA
GURU LAGU jeung GURU WILANGna (12a – 7i – 6a – 7a – 8i –
5a – 7i)
Padalisan hiji 12a : u – rang – sun – da – mah – mi – ka – nya
– ah – mi – ka – cin – ta
Padalisan dua 7i : deu – deuh – geu – geut – ka – per – sib
Padalisan tilu 6a : di – pu – ji – di – pu – ja
Padalisan opat 7a : per – sib – nu – sa – re – re – a
Padalisan lima 8i : per-sib-nu-ku-ring-nu-ab-di
Padalisan genep 5a : nu-u-rang-sun-da
Padalisan tujuh 7i : nu-u-ing-nu-si-la-ing
Conto
Patokan PUPUH MIJIL
GURU LAGU jeung GURU WILANGna (10i – 6o – 10e – 10i – 6i
– 6u)
Padalisan hiji 10i : si-pat-jal-ma-a-dat-ma-sing-ma-sing
Padalisan dua 6o : nu-ra-jin-nu-ge-tol
Padalisan tilu 10e : nu-ba-la-bah-so-me-ah-da-reh-deh
Padalisan opat 10i : wi-jak-sa-na-tu-la-ten-gu-ma-ti
Padalisan lima 6i : lan-tip-a-mis-bu-di
Padalisan genep 6u : am-puh-lung-guh-tim-puh
Tidak ada komentar:
Posting Komentar