PAKEMAN BASA (idiom), nyaeta: ungkara basa anu kekecapanna geus matok, puguh entep seureuhna, sarta miboga harti anu beda jeung herti kecap aslina. Salian tina PARIBASA, anu kaasup kana pakeman basa dina basa sunda teh nya eta, BABASAAN, CACANDRAN, UGA, RAKITAN DALIT, jeung CATURANGGA.
1.
PARIBASA, nya eta: babandingan anu jadi perlambang
lakuning hirup, ngawangun kalimah (omongan, ungkara) anu geus puguh entep
seureuhna, ges puguh surupanana, geus puguh pok-pokanana.
Conto:
a.
Monyet ngagugulung kalapa
b.
Lauk buruk milu mijah
c.
Cul dog dog tinggal igel
d.
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
2.
BABASAAN, nya eta: ungkara basa anu dipake harti
injeumanana sarta eusina mangrupa babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, jeung
pasipatan jelma
Conto :
a.
Amis budi
b.
Gede hulu
c.
Hulu peutieun
d.
Asa ditonjok congcot
3.
CACANDRAN, nya eta: pakeman basa anu eusina mangrupa
tujuman anu nataan atawa nerangkeun kaayaan hiji daerah.
Conto :
a.
Bandung heurin ku tangtung
b.
Sukapura ngadaun ngora
c.
Galunggung ngadeg tumenggung
d.
Cianjur katalanjuran
4.
UGA, nya eta: pakeman basa mangrupa siloka anu eusina
tujuaman kana parobahan peuting kaayaan nagara dina hiji mangsa anu bakal
kasorang.
Conto :
a.
Sunda nanjung lamun anu pundung ti Bandung ka Cikapundung
geus balik deui
b.
Nagara kartaraharja lamun lebak cawene geus kapanggih
5.
CATURANGGA, nya eta: pakeman basa anu patali jeung
tanda-tanda pikeun nganyahokeun hade gorengna watek kuda.
Conto :
a.
Satria kinayungan
b.
Sekar panggung
c.
Sumur bandung
d.
Buaya ngangsar
6.
RAKITAN DALIT, nya eta: pakeman basa anu dihartikeun ku
kabiasaan make dadasar kalantipan.
Conto :
a.
Ngasurkeun seuneu
b.
Seungit nu ngagoreng bawang
c.
Miceun tampolong
d.
Ngeusian bak
Tidak ada komentar:
Posting Komentar