PARIBASA, nya eta: babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah (omongan, ungkara) anu geus puguh entep seureuhna, ges puguh surupanana, geus puguh pok-pokanana.
Dumasar kana maksud anu dikandung, paribasa di
pasing-pasing jadi tilu golongan, nya eta :
a.
PARIBASA WAWARAN LUANG, eusina ngebrehkeun pangalaman anu
geus lumrah di masyarakat.
Conto : ayakan mah tara meunang kancra... Artina: usaha ku modal
leutik, hasilna oge moal gede.
b.
PARIBASA PANGJURUNG LAKU HADE, eusina mangrupa pangjurung
pikeun milampah kahadean.
Conto : kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan... Artina :
kudu junun ari digawe, ulah kabengbat kunu lain-lain.
c.
PARIBASA PANYARAM LAMPAH SALAH, eusina mangrupa panyaram
sangkan ulah migawe pagawean anu mantak rugi, boh keur dirina sorangan atawa
batur.
Conto : cul dogdog tinggal igel... Artina : ninggalkeun pagawean
baku, milampah pagawean nu taya hartina
BABASAAN,
nya eta: ungkara basa anu dipake harti injeumanana sarta eusina mangrupa
babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, jeung pasipatan jelma.
Conto : “Si
Uday mah gede hulu, abong-abong anak jalma beunghar”
Hartina kecap GEDE HULU di luhur, lain hulu Si Uday
Gede,,, tapi ngandung harti “Si Uday teh
sombong kulantaran anak jalma beunghar”
Bedana BABASAAN jeung PARIBASA nya eta : babasaan mah
wangun kecap kantetan, ari paribasa mah wangun kalimah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar