PANGAJARAN
2
MAMANIS
BASA
Mamanis basa mindeng kapanggih dina Biantara, Khutbah,
atawa Karya Sastra. Aya anu maksudna pikeun ngantebkeun eusi anu di tepikeun,
aya oge anu mangrupa panyari wungkul sangkan anu di tepikeun teh lewih anteb
sarta ngenah kadengena.
Ari anus ok dipake mamanis basa teh di antarana
Babasaan, Paribasa, Purwakanti, jeung Sisindiran;
1. Conto
anu tina BABASAAN
…….. mugia bangblas, saur babasaan
tea mah mugia “BALUNGBANG TIMUR, JALAN GEDE SASAPUAN, CAANG BULAN
OPATBELAS”……….
2. Conto
anu tina PARIBASA
……. Hapunten sim kuring teh sanes
bade ‘MAPATAHAN NGOJAY KA MERI,” nanging aya sawatawis perkawis anu hoyong di
dugikeun……….
3. Conto
anu tina PURWAKANTI
……….. bilih aya cariosan anu “PONDOK
NYOGOK, PANJANG NYUGAK”, maklum sanes ahlina………
4. Conto
anu mangrupa SISINDIRAN (wawangsalan jeung paparikan)
a. Wawangsalan;
……..sim kuring ngahaturkeun wilujeng su ping, “TUTUT GUNUNG KEONG REUMA,
SUMANGGA GEURA GEK CALIK”……
b. Paparikan; ………. Moal seer anu kapicatur “SANINTEN BUAH SANINTEN, DI BANTUN KA PARAPATAN, HAPUNTEN ABDI HAPUNTEN, BILIH AYA KALEPATAN”……
RAFA PUTRA PRATAMA
BalasHapusMuhammad Aprizal
BalasHapusKelvin Andreyansyah
BalasHapus